• This is default featured slide 1 title

    Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.This theme is Bloggerized by NewBloggerThemes.com.

  • This is default featured slide 2 title

    Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.This theme is Bloggerized by NewBloggerThemes.com.

  • This is default featured slide 3 title

    Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.This theme is Bloggerized by NewBloggerThemes.com.

  • This is default featured slide 4 title

    Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.This theme is Bloggerized by NewBloggerThemes.com.

  • This is default featured slide 5 title

    Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.This theme is Bloggerized by NewBloggerThemes.com.

Koneng Gede

Tah ieu nu disebut " Koneng Gede" teh.
Koneng Gede, Naon atuh koneng gede teh ?", Koneng gede teh lain anu ngajugrug di jalan bari jeung aya kikipingan, eta mah gilinding anu sok ngararata jalan. Ari koneng gede didieu mah kaasup tutuwuhan jenis bongborosan anu loba mangfaatna pikeun diri manusa, pangutamana mah koneng gede sakeur ubar naon wae. Salah sahijina pikeun ubar beuteung. Nyeta lamun urang kaserang panyakit beuteung sapertos sariawan usus, atawa mun ceuk basa malayu mah " Luka Usus ". Gancang we neangan Koneng gede tea. Naon atuh anu di alana, nya pan beutina tea. Dimana atuh ayana beuti koneng gede teh ? gampang pisan mun urang rajin liliaran ka leuweung loba pisan, tinggal ngarabut wae. Tapi ayeuna mah tong hariwang pedah hese neangan koneng gede, pan di pasar oge anu babari pisan meulina, moal matak teu manggihan, kiteuh. Kawas kumaha rupana koneng gede teh. Mun di telek-telek mah kira-kira kawas jahe. Ngan bedana teh ari jahe mah rada kasar seratna, ari koneng gede mah rada limut.
Ieu mah tangkalna
 Kumaha ari tangkalna, tangkalna mah teu beda we koneng biasa, ngan ari koneng biasa mah parendek, ari koneng gede bisa jangkung. jeung dina borosna aya beda, ari koneng gede koneng semu hejo.
Ari ngolah keur ubar dikumahakeun ?", gampang eta mah, nu pangbabarina mah diparud kira-kira sagede indung suku. terus mun meunang marud mah, tinggal tinyuh we make cai asak, atawa mun hayang apdol mah, dikeureutan, pek ditaheurkeun atawa direbus kana panci, nya caina mah kira-kira 3 gelas, tah mun geus ngagolak angkat we kira-kira sagelaseun mah. Salila saminggu inum sing rotin, najan pait ge eta mah ubar. Naon atuh mangfaat lainna, lian ubar sariawan usus, oge koneng gede bisa pikeun ngubaran maag, kanker, diabetes jeung ubar lintuh. 


Share:

Manfaat sareng khasiatna bawang bodas jeung eusi kandungan gizina.


Bawang bodas ngarupakeun bawang anu warnana teh bodas, beda deui jeung bawang beureum nu warnana oge nya beureum. Samentawis bawang daun warnana sarua jeung daunnya, tah ku ngabedakan rupa jeung wujudna eta bawang pasti urang pada terang, mana bawang bodas, bawang beureum atawa bawang daun.

Bawang bodas loba digunakeun keur bumbu masak dasar nu teu bisa dipisahkeun jeung bumbu sejenna. Nanging salian pikeun bumbu masak sihoreng teh bawang bodas loba pisan khasiatna pikeun ubar sagala panyawat. 
Bawang bodas dina kaayaan atah ngandung sanyawa sulfur kaasup zat kimia nu ngaran latinna Alliin.  Saumpama bawang bodas digerus atawa dibubukkeun zat Alliin sabenerna mah henteu bau sumebrak.  Nanging tina dorongan enzim alinase, Alliin peupeus ngajadi alisin, amonia jeung asam piruvat.  Bau anu nyeuleukseuk alisin dilantarakeun kandungan zat walirang atawa sulfur tea dijeuro alisin dihiberkeun ammonia ka rohangan hawa, kusabab ammonia babari pisan nguap. Sanyawa alisin aya khasiatna ngancurkeun geutih nu nambleg dina jaringan, sahingga bisa ngurangan kana totonden panyakit diabetes jeung ngurangan kasawat tekanan darah.
Salian alisin, bawang bodas oge ngabogaan sanyawa sejen nu khasiatna kana ubar, nyaeta alili. Sanyawa alili, panglobana nu aya dina wujud dialil-trsulfida nu khasiatna merangan panyakit-panyakit degeratif atawa turun tumurun jeung bisa ngaktifkeun tumuwuhna sel-sel anu anyar.
Niley Kandungan Gizi Bawang Bodas Atah tina 100 g (3.5 oz)
·         Energi 623 kJ (149 kcal)
·         Karbohidrat 33,06 g
·         Gula 1.00g
·         Diet serat 2,1 g
·         Lemak 0,5 g
·         Protein 6,39 g
·         Beta-karoten 5 mg (0%)
·         Thiamine (Vit. B1) 0,2 mg (15%)
·         Riboflavin (Vit. B2) 0,11 mg (7%)
·         Niacin (Vit. B3) 0,7 mg (5%)
·         Asam pantotenat (B5) 0,596 mg (12%)
·         Vitamin B6 1,235 mg (95%)
·         Folat (B9 Vit.) 3 mg (1%)
·         Vitamin C 31.2 mg (52%)
·         Kalsium 181 mg (18%)
·         Zat Besi 1,7 mg (14%)
·         Magnesium 25 mg (7%)
·         Fosfor 153 mg (22%)
·         Kalium 401 mg (9%)
·         Sodium 17 mg (1%)
·         Seng 1,16 mg (12%)
·         Mangan 1,672 mg
·         Selenium 14.2 mg
Sumber: USDA Nutrient database 
Nah, sabadana anjeun nganyahokeun kandungan nu aya tina bau bawang bodas tadi. Tidinya anjeun peryogi kauninga naon wae manfaat jeung khasiat bawang bodas teh. Nu saterusna di handap ieu aya sababaraha manfaatna di antarena :
1. Nyeugah Kanker
Bawang bodas  ngandung antioksidan nu bisa ngabantu  nyeugah kana panyakit kanker. Saumpama urang nyandu kana roko, bawang bodas bisa dibaheum, anu manfaatna nyeugah kana jeung nutup kana panyakit kanker tea.
2. Anti Radang
Bawang bosa ngandung anti-peradangan. Sahingga saumpama anjeun ngalaman demam/paranas tiris atawa oge nyeuri tikoro. Cukup we dibaheum deui bawang bodas, salami eta panyakit can cageur bener kiteeuh.
3. Anti Bakteri
Bawang bodas oge ngarupakeun anti-bakteri nu hade. Saumpama anjeun ngalaman infeksi infeksi pencernaan, Terus eta bawang bodas anu atah geus disiksik  dihijikeun jeung salad atawa lalab-lalaban. Naon nu karasa dina pencernaan bisa cageur sabihara-bihari.
4. nyuburkeun rambut
Bawang bodas tiasa oge hiji solusi pikeun masalah rambut nu puray atawa babari murag. Tina kandungan  Allicin nu kacida mumbulna, anu mirip sanyawa walirang ieu anu oge aya dina bawang beureum, nu dipercanten efektif keur ngubaran rambut nu babari muragna. Carana mah, bawang bodas disiksik atawa dikeureutan, mun leuwih hade dicampuran minyak kalapa saeutik terusna pencet-pencetkeun kana mastaka salira, tepikeun karatana. Cik geura cobaan.
5. Ngabersihan jarawat
Ngan bawang bodas ieu anu boga sanyawa pikeun ngalubarkeun panyakit jarawat, bahan ieu moal aya di apotek mah. Ubar alam ieu nu mangrupakeun kaasup ubar herbal seueur pisan mangfaatna, ku zat antioksidan tiasa ngusir jarawat anu aya dina pameunteu atawa awak urang. Ngan kitu urang sing leukeun nyiksikna unggal rek diubar kitueh, ti dinya tinggal gosok-gosokeun we jarawat anu nampek dina pameunteu tea, laun-laun oge dikeureuyeuh. 
6. Nyeugah jeung ngubaran flu
Dina kandungan antioksidan di jeurona, ngajadikeun sistem menjadikan sistem imunisasi kana awak jalma,  meunang mangfaat saumpama bawang bodas dijadikeun menu inuman herbal sapopoe, meureun bisa jadi panyakit salesma atawa flu bisa pisa dicegahna. Kumaha cenah carana, nya tinggal siksik we bawang bodas eta, pek campurkeun madu jeung jahe keur nambahan selera kana gelas, ti dinya mah guyur we ku cai panas. campuran ramuan ieu pastina oge moal kaambeu bauna jeung nginumna oge moal bosen.
7. Nyageurkeun panyakit kulit
Kusabab kagunaan bawang bodas kana radang kulit. Tiasa oge bawang bodas dijadikeun minyak, carana beuleum we siwung bawang bodas, sanggeus asak tinggal peureut we bawang bodas, engke ge kaluar minyakna karak ti dinya mah oleskeun kana kulit nu rahet. 
8. Mengontrol berat badan
Ahli gizi Cynthia Sass nyebutkeun panalungtikan kana beurit nu ngadahar bawang bodas anu saterusna mah nunjukkeun yen awak beurit ngurangan beurat awakna. Dicobaan we satiap-tiap urang ngasakan naon wae pake bawang bodas, mun sering mah meureun bisa dijadikeun alat diet atuh. 
9. Ngubaran Karacunan
Antioksidan nu aya dina bawang bodas ieu, mampu ngabantos ngusir racun tina jeuro awak.  Manfaat  ieu henteu wungkul hade kana kasehatan tapi oge bisa kana awet ngora. 
10. Ngaredakeun Nyeri
Saumpama anjeun panyakit arthritis, hancurkeun bawang bodas atah terus   kompreskeun dina bagean tuur atawa tulang anu nyeuri, bawang bodas solusina, tinggal hancurkeun pek ditaplokkeun kanu nyeurina. 
11. Pertolongan Mimiti  Karacunan Merkuri
Karacunan akibat merkuri atawa arsenik oge bisa digambpangkeun ku ngosumsi bawang bodas atah. Saacan diubar ka dokter, bawang bodas boga fungsi keur alat P3K.
12. Nyageurkeun  luka serpihan
Sapotong siwung bawang bodas manfaatna pikeun ngubaran raheut kana kaca, tempelkeun siwung bawang bodas jeung dibungkus ku perban dina raheut tea. Seeur pisan masyarakat anu ngagunakeunna.
13. Ngaleungitkeun Ateul Akibat Jamur
Dina sifat anti-jamurna, bawang bodas bisa jadi ubar mujarab keur para atlit keur ngaleungitkeun rasa atel dina sampean. Keueum sampean dina bak cai nu dieusi cai haneut jeung siksikan bawang bodas.
14. Ngusir Reungit
Salah satu panalungrikan  di India kapanggiheun yen bawang bodas boga manffat pikeun ngusir reungit, kumaha cenah carana. Bawang bodas dicampur jeung lilin lebah, minyak jeli. sanggeus nyampur ti dinya mah gosok-gosok samemeh sare. 
15. Nyageurkeun  sariawan
Nurutkeunt situs ECOSALON, bawang bodas ngandung suplemen nu bisa ngabantu  proses nyageurkeun masalah sariawan. Ngubaranna gampang pisan, tinggal baheum we bawang bodas nepikeun kacaian, tidinya mah tinggal kemu-kemukeun. Atawa siwung bawang bodas anu dipoteskeun oles-oles kana sariawan nu karasa tadi.
16. Lem Alami
Saumpama anjuen pernah nyaksikeun bawang bodas dikeureut kacida teuasna, ieu teh nandakeun dina jeuro bawang bodas ngandung zat perekat atawa lem. Geus loba nu ngagunakeun lem tina bawang bodas. Kumaha cenah carana, Teangan ku ku urang sababaraha kembang cengkeh, terus campurkeun jeung sababaraha siwung bawang bodas, sangggeus nyampur tinggal oleskeun kana bahan anu bakal diraket, anu lolobana pikeun ngaraket deui bahan tina kaca anu geus peupeus. 
17. Ngusir Hama Tanaman
Hama tanaman henteu beukieun kana bawang bodas. Gunakeun pestisida alami nu dijieun tina bawang bodas ieu. Campuran minyak mineral dan sabun cair. Pek abuskeun kana alat penyemprot, pek semprotkeun kana tutuwuhan anu loba hamana.
18. Campuran Umpan Pancing
Saumpamana anjeun hobi kana mancing atawa nguseup, bawang bodas hade pisan pikeun campuran umpan pancing. Kumaha cenah carana, atuh ieu gampang pisan, teu perlu dibaheum jeung diheumheum ku urang, Cik we bawang bodas teh dipotes tungtungna, pek we oles-oleskeun geutahna kana eupan atawa umpan pancing teh. Ceuk tukang mancing mah, saumpama pancing dianclomkeun moal teu giriwil atuh atawa istilah mah " CLOM GIRIWIL." Nu leuwih hade mah bawang bodasna sawareh dibeuleum supaya seungit pisa. 
19. Ngalancarkeun  Peredaran Darah
Ngabaheum  bawang bodas oge bisa ngabantu ngalancarkeun peredaran geutih jeung bisa ngalancarkeun pembuluh geutih anu kapendet.
20. Mengatasi Diabetes
Saumpama anjeun boga panyakit diabetes, bawang bodas oge hade pisan keur ngabantu ngontrol lobana kandungan kadar gula dina jeuro geutih.
Mangfaat bawang bodas nu disebutkeun di luhur eta teh mung sabagian wungkul tina 1001 khasiatna nu aya dina kandungan bawang bodas. Sakaterang para ahli mangfaat bawang bodas seueur pisan. Aya hadena umpama urang nyimpen bawang bodas di dapur anu cukup.  Tong perlu khawatir bawang bodas jadi buruk, sababna bawang bodas mah kaasup bumbu masak nu awet aya di dapur nu teu gampang peloy, pangutamana mah mun disimpen di tempat anu garing kiteuh, cag ah...." sakieu ti sim kuring.
Wassalam.
SumBer : http://manfaatnyasehat.blogspot.com/
Share:

Going Blogger (Go-blog) di internet

<
Assalamualaikum, hapunten ka sadayana boh bilih aya kecap nu nyigeung kana manah nu maos dina kaca blog sim kuring ieu. Nya ma'lum kuring mah urang Karawang nu dibabarkeun di Karawang,  ti baheula oge karakterna teh heuras genggerong. 
Nya basa teh memang teu meser, nanging nyakitu sapagodos sareng tempat anu dianjrekan, angger we sok sanaos sim kuring kalebet ti Turki ( Turunan Kidul) anu basana teh lembut sareng halimpu, nya benten pisan di tempat simkuring, namina tempat anu karaos hawana kacida panasna, ieu oge mangaruhan kana situasi sareng kondisi jalmi-jalmi nu nyiruruk di tempat eta, nya tangtos sagala ucap sareng laku lampah teh teugeug sareng heuras, kiteuh.  

Judul artikel di luhur memang kaaosna kacida peureusna, Icikibung dina blogger pikeun simkuring anyar pisan, saur keur nu miceun mah kakarak bereset, atawa saumpama naek mobil mah nembe pisan cle anjeucleu dina jok.

Blogger ceuk basa kirata mah "Go-blog tapi bageur". (ieu nurutkeun simkuring), hartosna saumpama geus resep ngablogger, saur paripaosna "Teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan". Nyaeta ngajejentol we hareupeun komputer, laptop atanapi handphone android (gadget calakan), anteng (bageur) pisan ngoprek internet, teu beurang teu peuting, teu kolot teu budak, teu awewe teu lalaki, teu nu miskin teu nu benghar. Estuning, sanes kacapangan deui, geus kana internetan teh, teu meunang di ongget-ongget pisan. 
Naha aya mangfaatna kitu internetan teh?', Is puguh we, sanes hungkul kana pangaresep, zaman kiwari teu bisa internetan atuh, ortodok pisan hirup teh. Teu kitu kumaha, informasi nu kabuka dina internet moal kawadahan ku sajam, sapoe atau mangbulan-bulan, contona mun bosen we kana warta-warta penting, hayang we mukaan anu bisa ngabangbalerkeun kana hate, nyeta nu teu pararuguh tea. 
Mun cenah mah nempo kana zaman katukang, hayang naon-hayang naon oge kudu make duit, mahal atuh. Ayeuna hayang nyaho atau nempo naon ge, di internet mah haratis atuh, kiteuh. Rek budak rek kolot, pikiranna teh srua pisan. ceuk kolot tea mah, moal pacorog kokod pisan, masing-masing sacegna, nyaeta muka internet teh bebas, masing-masing nyekel gadget pintar (calakan) nyaeta Handphone android, teu cara lalajo televisi ribut jeung parebut, nyaeta di lingkungan kulawarga pangaresep teh beda-beda, nu resep kana maen bal aya, nu resep kana film sinetron loba,  ah pokona mah saurang-saurangna jalmi memang benten pangaresepna. Sapertos sim kuring teu resep lalajo televisi teh, ongkoh deuih saatosna ngaos di tempat kajian-kajian ahlus sunnah nembe terang yen nongton televisi teh  haram, naon sawabna pangna haram teh?, pan eta mah sanes kalebet barang-barang kadaharan anu diharamkeun dina Al-qur'an kayaning daging bagong, daging anjing, bangke, geutih, inumeun heuras (miras) jeung narkoba, mun eta sadayana dikonsumsi ku urang.  
Nya muhun televisi teh teu dituang teu dileueut, nanging eta televisi teh kalebet barang "Khobaits", nyakitu dampak atawa akibatna teh mawa madhorot kana pikiran anu lalajo, cobi we saumpama ibu-ibu masak di dapur, ih eta mah saumpama keur resep lalajo sinetron, jongjon we andeprok hareupeun televisi, nyaho-nyaho pasakan anu keur ditaheunkeun di kompor geus tutung, kitu oge pedah we kaambu bauna. 
Matak simkuring mah  saenggeus aya wawaran yen televisi teh barang anu ngamadhorotkeun, gancang we pindah haluan kana internet, mukaan aplikasi we, nya teu WhatsApp, Facebook, Audio, Youtube atawa ngoprek blog atawa web, tapi nyakitu teu kamalinaan teuing. Nya urang teh sing bisa ngabagi waktu, waktuna gawe nya digawe, waktu dahar nya dahar, waktuna sholat nya sholat, pokona mah waktuna, waktuna, waktuna keur naon, nya kedah ulah jalir jangji, ceuk basa perlente mah, sesuaikan ruang dan waktu sebaik-baiknya. 
Naha kitu ari mukaan internet aya mangfaat atawa aya pangaruh ka urang?, tiasa janten, internet mah benten sareng televisi, dina internet kumaha urang jeung deui bisa dikadalikeun ku urang, benten ari televisi mah aya operatorna ti pusat penyiaran, nyaeta station televisi, internetan mah urang tinggal muka browsingna, nya saumpama urang boga pangaresep di internet, tiasa janten pikeun urang aya mangfaatna, sok komo urang rancage tiasa ngadamelan aplikasi-aplikasi penting boh keur android atawa personal komputer, pan ieu mangrupakeun prospek nu hade pisan pikeun urang ka hareup, sapertos ngadamelan toko online, aplikasi audio, anu loba mangfaatna keur batur, nya minimal produk urang teh keur mepende hate urang sorangan.
Ku ayana kabangbalerkeun ku ukur mukaan internet, rek teu boga duit atau beuteung lapar, katempona teh "enjoy" we, jiga we siga jelema beunghar, muhun' sapertos simkuring ieu mah, karak boga handphone android merk samsung ge mani teu euleum-euleum, cenah kiteuh.  Nya meureun batur ge teu beda-beda teuing, keur ngudag kamajuan jaman pastina oge henteu hayang hirup katinggaleun dina masalah informasi jeung komunikasi, pan ayeuna mah jaman now, versi hirup teh obsesina teh nu instan we, salah sahiji jalan keur nuntaskeunna teh iwal gaya hirup nu ngonversi kana pratinjau atawa view and preview. Istilah silaturahim teh cukup we dina internet, teu perlu ngadurudug indit kaditu sacara langsung, keur naon atuh boga handphone atawa gadget pintar, di model elektronik sapertos ieu geus kumplit sagala-galana, rek nelepon make audio aya, rek nelepon paadu harepan beungeut atau video call oge geus nyampak, nyakitu pan aya oge jalma nu resep selfian, meureun kuayana media saperti kitu teh, dijieun luang pisan,  mangpang meungpeung majangkeun poto atawa video dirina dina Weaan atau Facebookan, ngan ulah we disalahgunakeun, abong euweuh jalma nu nempo, kiteuh!. sapertos gumujeng sosoranganan tengah jalan bari jeung nyekel handphone, he..he.
Malah mah ku ayana era global ieu loba jalma ngabelaan meuli handphone, kajen pangabutuh sejen teu kacumponan. Saumpama hayang ngabaso atau jajan ditahan heula, kukumpul duit keur meuli handphone tea. Cik naon atuh kauntunganna mun urang miceun waktu ku internetan saendeng-endeng, bari lat we poho kana dahar, kana pagawean, ka anak pamajikan atau kana anak salaki, leuwih-leuwih pohona kana ibadah nyeta sholat lima waktu, meureun dosana lain hungkul kana kaluarga di imah, leuwih ti kitu, urang geus nukang nonggong ka Alloh Subhana Wata'ala. 
Ku kitu tea mah mun malik jaman katukang, memangna oge sagala rengkak paripolah teh teu bebas jaman kiwari. Baheula, mun urang lalajo film dewasa atau 17 taun kaluhur. disiplin pisan, moal aya budak leutik bisa lalajo film teu pararuguh. Tapi ayeuna, bebas sabebas-bebasna budak bisa lalajo film anu terlarang, padahal memang dina undang-undang elektronik oge aya katangtuanna. Tapi nyakitu, saha rek nyaram, najan aya aturan oge, weleh we bisa diakalan, naha nyahoeun kitu sistem nu internetan jalma-jalma nu geus dewasa jeung can dewasa. Tong boro system, indung bapana oge can puguh nyahoeun. Nya tadina oge, nu bisa dilalajoan teh mung hungkul perangkat televisi atau layar tanjeb, eta mah terbuka atuh', bisa kanyahoan keneh, masih keneh aya quality controle. Kiwari, ku alat leutik anu canggih nu disebut Handphone, eta perangkat teh langkung ageung bahayana pangaruh kana kamajuan fase tumuwuhna murangkalih' kalih tikitu murangkalih zaman kiwari mah benten sareng anu kapungkur, rancage pisan, bari nyengcle dina luhur wese oge, saumpama bisa teu tah, kiteuh. Tah geuning nyaho. Nya pan tadi tea, teu kolot teu budak mun geus anteng mukaan internet di handphone kacida pisan moho kana kawajibanna. Sangkilang dititah dahar oge, weleh we ngabubudeug maneh, api-api we beuteung teu karasa lapar, komo mun dititah sholat mah, meureun matak mugenna teh nataku pisan. 
Nempo kamotekaran zaman kiwari, lain jalma pinter ku otakna ayeuna mah, tapi jiga we leuwih canggih tibatan profesor, heueuh !, tiasa ngarespon sagala problematika, pan ceuk basa mistikna mah, Tanya saja sama Mbah google, pasti mbah google yang paling tahu, ceuk basa ecesna mah, jentre kacida, ceuk budak angon tea mah "cokgalicokgaligacok cocok" teu bisa ngabibisani, mun urang neangan naon wae, dina internet pasti bisa kapanggih. Saumpama dibanding jaman katukang mah hayang boga informasi teh, nyakitu keudeung-keudeung gidig ka wartel, keudeung-keudeung gidig ka perpustakaan. Nya ayeuna mah instan jeung fleksibel pisan, tinggal pencet tombol browser google, terus tik naon nu dipikahayang, ngan sababaraha detik mah anu dipikabutuh teh ku mbah google mah diasongkeun. Tapi nyakitu dampak atawa akibatna teh urang teh bisa jadi jalma kuulen atau kuled. Najan kasebutna jalma pinter ge, engkena teh bisa jadi bodo, da nu diandelkeun teh Mbah google deui - mbah google deui, rek itung-itungan, sagala karerepet aya didinya, komo rek mukaan gambar-gambar atau video porno ge geus nyampak, estuning piranti browser google mah kasebut pangcanggihna dibandingkeun jeung nu sejen sapertos mozilla firepox atawa explorer. Tapi ku kaparigelan sistem nu superhight teh tiasa oge janten mamala kana karakteristik murangkalih anu masih keneh kosong molongpong ku elmu pangaweruh anu aya kaitanna sareng akhlak atawa moral, pangutamana mah masalah atikan hirup nu bener sapagodos sareng agama katut darigamana, kiteuh.
Nya sapertos kacanggihan piranti teh bisa oge nimbulkeun pacenggadan antawis agama sareng era globalisasi, saumpama piranti eta dibuka boh dina handphone atau PC, anu kaitan ngaruksak kana akhlak teh ditembong-tembongkeun pisan,  cacakan teu diteangan oge murudul atawa mucunghul popup notifikasi  di unggal situs-situs terlarang nu nampilkeun poto-poto nu teu pantes dilalajoan ku budak nu can dewasa. Ari jalma nu dewasa mah geus puguh, tiap neangan ubar pastina oge teu kudu tatanya kaditu kadieu, teu kudu boga elmu tembus pandang, buka we dina internet, gampang pisan. Tapi nyakitu, kalakuan kitu teh urang geus kaasup jalma nu maksiat ka Alloh.
Naha atuh eta perangkat bisa dicoo ku murangkalih?, Sakapeung mah memang sok aneh ka kolot-kolot jaman kiwari, mun ngabebenjokeun budak teh ku perangkat android tea, hayuh budak teh dipangmukakeun aplikasi game, film-film kartun sapertos tomat lebay, bus tayo, mickey mouse, bernard, tom and jerry upin ipin, satria baja hideung, jeung rea-rea deui  dina youtube, sok sanajan eta murangkalih teh masih yuswa balita keneh, tapi pangabisa kana muka game jeung video kartun palinter pisan, ku antengna oge repeh meureun budak teh, geus moal ngabeka deui.

Sedengkeun kolot baheula mah, entong-entong ku perangkat model kitu nya, mere permen ge kacida imetna, bisi nu dibikeun teh permen karet atawa kolengkam. Nya meureun matak kitu ge, kolot teh nyaah pisan ka murangkalih, bisi eta nu didahar teh ngabahayakeun. Kumaha ayeuna?, sarua nyaahna,ngan dibebenjokeunna lain ku peremen atawa kolengkam, supaya budak jadi repeh nya dibikeun oge tah perangkat android teh, ari indung bapana kumaha?, simanahoreng kalakuanna leuwih-leuwih ti anakna,  oge jongjon mukaan perangkat sapertos kitu, ngan bedana teh ari geus kolot mah lain mukaan gambar atau film kartun, tapi neangan ide sejen sapertos dina widang-widang anu aya patalina sareng pangabutuh, boh urusan bisnis, ekonomi, keluarga, ah loba we teu perlu ditataan hiji-hiji, eta mah bisa kapikiran ku urang masing-masing kiteuh. Mun urang fokus kana  istilah dina basa deungeun (Basa Inggris) "WYSIWYG" nyaeta " What You See Is What You Get" nu hartosna " Naon wae ku anjeun tingal, jeung naon wae nu ku anjeun dihasilkeun". tangtuna oge internetan teh lain saukur meakeun waktu anu teu puguh. Cik naon anu ku urang kaala hasilna?', meunang duit nu loba atawa bisnis anu mucekil?, ieu tiasa diwaler ku urang masing-masing.
Kuring mindeng pisan nyoo perangkat gadget pintar teh, eta we mun geus anjlece ngablogger,anteng we teu regrog-regrog nagen we, ngan ari kuring mah aya ingetna teh mun beuteung lapar pasti indit ka dapur neangan sangu keur dahar atawa mun aya nu adzan di masjid pasti indit ka  masjid, henteu iyeuh kudu kagegeloan ku internet mah,  da urang teh hirup di dunya memang boga hak-hak anu kudu ditarima ku urang diantawis rejekina teh sehat, boga pamajikan, harta barana, boga anak,panjang yuswa, jrrd, tapi sing inget, urang ulah hayang kana hakna wae atuh, tapi kawajiban urang ka Alloh Subhana wata'ala oge kudu ditedunan, kitu ge ari boga kaera. Sakieu we lur bahasan peuting ieu, salajengna mah antos artikel nu sanesna," Wait and See".
Wassalamualaikum.

Share:

Postingan Populer

Label

Arsip Blog

Recent Posts

Unordered List

  • Lorem ipsum dolor sit amet, consectetuer adipiscing elit.
  • Aliquam tincidunt mauris eu risus.
  • Vestibulum auctor dapibus neque.

Theme Support

Need our help to upload or customize this blogger template? Contact me with details about the theme customization you need.